BIANTARA: Tarekah Ngalawan Virus



Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Sampurasun.

Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, was-sholaatu wassalaamu ‘alaa asyrofil anbiyaa-i wal mursaliin, sayyidina muhammadin, wa’ala alihi wa’ashabihi aj’ma’iin, Amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT. dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, paamprok jonghok dina kaayaan sehat walafiat. Salawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ka kulawargina, kapara sohabatna, sareng teu hilap ka sadaya umatna. Aamiin aamiin ya Robbal ‘Aalamiin.
Girang pangajen anu luhung ku elmu panemu, jembar ku karsa, karya, katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge kasadaya pamilon anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman. Dina raraga pasanggiri biantara Basa Sunda tingkat Kacamatan Kramatmulya sim kuring atas nami wawakil ti SDN Unggulan Kuningan bade ngadugikeun biantara anu temana nyaeta pentingna ngajaga lingkungan hirup.
Hadirin nu dipihormat, lingkungan hirup teh nyaeta tempat dimana urang salarea ngajalankeun aktivitasna. Lingkungan hirup anu nyaman, tengtrem, beresih, sareng anu rapih nyaeta lingkungan anu hade pisan, komo bari loba keneh tatangkalanmah genah loba keneh oksigen. Tapi jaman kiwari nu geus leuwih maju, loba nu ngarobah lingkungan hirup. Masalah lingkungan hirup beuki lami beuki ageung sarta beuki ngalegaan. Sapertos bola salju anu ngagorolong, beuki lami beuki ageung. Pasoalana sanes ngan boga sipat lokal hungkul nanging tos nepi ka global.
Hadirin nu dipihormat, upami ningal ku kaayaan jaman ayeuna seueur pisan masalah anu timbul gara-gara lingkungan hirup nu geus rusak kusabab paripolahna manusa anu ngabalukarkeun banjir, longsor, sareng sajabana. Komo deui ayenamah keur usum pagebug jeung sasalad, loba nu gering parna, maraot, jeung loba panyakit nu babari nepa,  contohna bae virus corona anu ayena jadi kasieun umat manusa. Naudzubillah Min Dzalik.
Hadirin anu dimulyakeun Allah SWT., Allah SWT. ngadawuh dina Al-Quran Surat Ar-Rum ayat ka 4: Anu hartosna: Éta geus katingali yén karusakan di darat sareng laut disababkeun ku laku lampah tangan manusa, ku kituna Allah numibakeun sabagian akibat tina tindakan maranehna, sahingga aranjeunna uih (ka jalan anu leres).
Hadirin nu dipihormat, ku margi kitu urang sadaya kedah nyaah ka awak sorangan, nyaah ka awak batur, sok dimimitian ti ayeuna ku urang, “ulah sok ngotoran sareng ngaruksak lingkungan hirup!” Supados teu jadi loba panyakit keur diri urang jeung kulawargi salarea. Inget da ngeunah sehat sareung bagjamah lain keur batur, nu matak kitu hayu urang ngamumule lingkungan hirup urang sadaya. Ngamumule lingkungan hirup teh urang kudu inget ka papatah kolot bahela, “gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak.”  
Hadirin nu dipihormat, ngalestarikeun lingkungan hirup wajib pikeun urang, sabab kabutuhan hirup manusa teh ditunjangna ku alam. Lain saukur tanggung jawab pamarentah hungkul, tapi jadi tanggung jawab urang sadaya nu aya di alam dunya. Sabab usaha saeutik oge bakal jadi ageng manpaatna pikeun anak sareng  incu urang jaga.
Hadirin nu dipihormat. Eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka urang sadaya. Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule, ngaraksa, sareng ngariksa lingkungan hirup. Sakitu nu kapihatur, hapunten sanes bade mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku laku sim kuring salaku nonoman. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Saninten buah saninten
Dibawa kaparapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Wabillahi taufiq wal hidayah, wa ridho wal inayah. 
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Komentar