BIANTARA BASA SUNDA (PERKEMBANGAN BAHASA DAERAH)



Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Sampurasun.
Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, was-sholaatu wassalaamu ‘alaa asyrofil anbiyaa-i wal mursaliin, sayyidina muhammadin, wa’ala alihi wa’ashabihi aj’ma’iin, Amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT. dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, paamprok jonghok dina kaayaan sehat walafiat. Salawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ka kaluwargina, kapara sohabatna, sareng teu hilap ka sadaya umatna. Aamiin aamiin ya Robbal ‘Aalamiin.
Girang pangajen anu luhung ku elmu panemu, jembar ku karsa, karya, katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.
Kadang wargi anu mulya. Dina raraga pasanggiri biantara Basa Sunda tingkat Kacamatan Kramatmulya sim kuring bade ngadugikeun biantara anu judulna nyaeta ”Perkembangan Basa Sunda di Kabupaten Kuningan”.
Hadirin nu dipihormat. Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nonoman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak. Mikacinta Basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina Perda Kabupaten Kuningan Nomer 6 Taun 2006. Amanah eta tujuana nyaeta sangkan bahasa daerah teh teu musnah kulantaran tara digunakeun ku masyarakatna. Kulantaran kitu pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana Basa Sunda.
Hadirin nu dipihormat. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama generasi muda ulah ngaraos isin atanapi gengsi ngagunakeun Basa Sunda. Konci utamina nonoman kedah ngagunaken Basa Sunda di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan, salami urang nu cacarita papada ngarti kana Basa Sunda. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti, mupusti basa asing bari teu malire basa urang sorangan.
Hadirin nu dipihormat. Eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule, ngaraksa, sareng ngariksa basa Sunda. Sakitu nu kapihatur, hapunten sanes bade mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku laku sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Saninten buah saninten
Dibawa kaparapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wabillahi taufiq wal hidayah, wa ridho wal inayah. Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Komentar